Jumat, 28 September 2012

Lisan Pangjajap ti Atas Nami Keluarga nu Bade Ibadah Haji


“ Nahmaduhu Robbal Rohim, wa Nusholi wa nusalimu ala Rosulihil Karim, wa ala alihi wa ashabihi ajma’in. Asyhadu allaa ilaaha Illalloh, wa asyhadu anna Muhammadan abduhu wa Rosuluh".
Sugrining Puji disanggakeun ka Gusti nu Maha Murah tur Asih, Solawat miwah salam mugia dumugi ka panutan alam, Muhammad Nabi pinilih pamungkas para Anbiya.
Jangji nu jadi pamatri ati, dadasarna kaihlasan, teu aya deui nu wajib di sembah di ibadahan anging Alloh anu Ahad.
Muhammad utusan Alloh, jadi Uswatun Hasanah, nungtun nuyun ka ummatna, malar hirup salamet dunya akherat.

Para Saderek anu sami-sami hadir dina ieu riungan, langkung ti payun sim kuring neda ampun nya paralun, wireh kumawantun ngadeg di payuneun sadayana, taya sanes kaperih pati kedah janten corong ti atas nami pun lanceuk Kang Sobirin, utamina Teh Ai Yulianti anu bade ngalaksanakeun ibadah Hajina.
Dina nembrakeun kereteg manah nu aya patalina sareng anjeuna kengeng kapercantenan ti Alloh Subhaanahu wa ta’ala geusan nungtaskeun Rukun Islam nu ka lima nyata ngalaksanakeun ibadah Haji ka Tanah Suci Mekkah.
Rupina sateuacan anjeuna umangkat ka Baetulloh, ngarumaoskeun sabage manusa biasa, hirup kumbuh sakulah sakolih sareng dulur oge kadang warga, nu tangtos pinuh ku kahilapan sareng kalepatan.
Kukituna Pun Lanceuk, Teh Ai, seja tamada ka sadayana, namprakkeun karumaosan, boh bilih bae salami campur gaul teh seueur saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah matak nyigeung manah sadayana, mugia rido ati rido galih kangge ngamparkeun lautan sihapunten.
Luyu sakumaha nu kaunggel dina Al-Qur’an surat Al-Hajj ayat ka 29 ;
Anu pihartoseuna kirang langkung “ tidinya maranehna kudu ngaleungitkeun kokotor-kokotor anu ngancik dina bandanna, sarta maranehna kudu nyumponan nadarna, terus kudu ngalkonan thowaf sakurilingeun ieu Baetulloh”.

Janten pun lanceuk seja angkat ngalaksanakeun ibadah Haji teh, miharep hoyong beresih sarta suci kalayan ibadah Hajina Mabrur oge Makbul sapaneja, bari aya dina kasalametan, kasehatan, kalancaran diperjalanan dugi katiasa mulih deui ka dieu kempel sareng kulawargana.
Atuh anu dikantun didieu, anjeuna meredih ka nu Maha Suci, mugia ngaraksa ngariksa miwah ngaping ngajaring kasadayana.

Kitu maksad pun Lanceuk Kang Sobirin sareng kulawargina, utami teh Ai ku anjeun ngayakeun ieu pangaosan.
Atuh ti sim kuring, seja sanduk-sanduk nya lumaku, bilih dina ngadugikeuna aya saur nu tanpa bukur, aya kalimah nu tugenah kana manah, oge aya basa nu teu rumasa kana rasa.

Tutus lankung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan, pamugi sadayana rido manah ngamparkeun hapuntena.
Robbana Hablana min ajwajina wadurriayyatina kurrota a’yun waj’alna lil muttaqien imaaman. Labbaikalloohumma Hajjan Mabruron.
Robbana aatinaa fiddunya hasanah, wafil aahiroti hasanah wakinaa adzaabannar..
Wassalamu’alaikum waroh matullohi wabarokaatuh.

September 2012
Rudi Linuhung
Ageboy Blog: http://ageboy.blogspot.com/2012/04/cara-agar-blog-tidak-bisa-di-copy-paste.html#ixzz1sSPLRMuT